NI'MAT DUNYA AHÉRAT KANGGO JALMI ANU ISTIKOMAH
لسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
NI'MAT DUNYA AHÉRAT KANGGO JALMI ANU ISTIKOMAH
Ku: Ani Herliani
Istikomah téh panceg tur teu galideur dina bebeneran tur midamel kasaéan numutkeun Alloh. Hoyong istikomah téh teu gampil jalaran seueur pisan gogoda, kantenan dina hirup di jaman kiwari. Nanging sakedahna mah urang téh langkung gampil da mung kantun ngalaksanakeun. Mangga galih, kumaha seueur halangan harunganana harita waktos Rosululloh umajak ka umatna supados tumut kana ajaran Islam tur nanjeurkeun agama Islam. Ti kawit cariosan anu kasar, pitnah, dugi ka panyiksa, ogé rupining kajantenan anu méh ngajantenkeun anjeunna perlaya. Nanging anjeunna teu galideur. Harta bandana ogé dianggo kanggo kaperyogian nanjeurkeun agama Islam, dugi ka raksukanana sering dikaput atanapi ditambal. Urang anu mung mayunan halangan harungan sapertos kieu, naha mani karaosna téh sesah. Sesah kanggo getol, sesah kanggo gura-giru, da seseringna katungkulkeun ku urusan sanésna. Éta anu ngajantenkeun sim kuring ceurik di payuneun makam Jungjunan alam, Kangjeng Nabi Muhammad SAW harita. Allohumma sholli 'alaa sayyidina Muhammad. Ya Rosululloh, mugia abdi teras tuhu kana ajaran salira. Mugi abdi teu galideur sapertos salira.
Mangga urang tarékahan supados urang teras istikomah.
1. Urang jangji ka Alloh badé teras midamel kasaéan tur moal midamel kalepatan.
2. Raraoskeun wiréh Alloh téh teu weléh nalingakeun ka urang. Sanéskanten paripolah urang teu weléh aya dina paningal Mantenna. Ku kituna urang bakal getol midamel kasaéan tur sieun midamel kalelepatan.
Urang anu teras-terasan midamel tarékah supados kénging rido Alloh, supados tiasa raket sareng Alloh, mangga raraoskeun. Alloh leres-leres nuju merhatoskeun urang.
Waktos Alloh nuju asih pisan ka urang jalaran urang midamel kasaéan, nembé kereteg dina manah, tos torojol. Urang nu aya di ieu grup rupina seueur anu kantos ngalaman hal sapertos kitu, kalebet sim kuring. Kantenan waktos nuju sasih siam mah sering pisan. Dina sasih biasa ogé malah dinten kamari pisan, kajantenan. Hoyong deui pisan kadu padahal di kebon tos séép. Di nu sok masihan tos séép. Mésér ogé tos sababaraha kali tur tos teu aya anu icalan di jalan anu kalangkungan, janten tos nampi upami teu neda deui kadu. Teu lami aya anu nganteuran.
Kitu deui waktos urang midamel kalepatan sok sanaos sakedik, Alloh ngageuing ka urang. Tiasa janten tidagor, titajong, kacepét, kakeureut, ical barang, ssjb. Sababaraha dinten kapengker sim kuring kakeureut curuk. Rumaos nuju malaweung, hilap henteu énggal-énggal dzikir.
Éta téh tawisna Alloh nuju leres-leres merhatoskeun ka urang. Mémang Alloh nuju merhatoskeun urang anu nuju milarian perhatosan Mantenna ku cara hijrah, ku cara milari pangapunten Alloh.
3. Urang kedah ngahiji sareng jalmi-jalmi anu soléh supados iman urang kajagi.
Urang anu satékah polah hijrah ka jalan anu langkung saé numutkeun Alloh tiasa janten dianggap mahiwal ku batur. Kantenan upamina urang téh ibu-ibu sosialita anu sering ngempel reresepan. Lajeng urang nyengker teu patos sering ngariung deui atanapi pet pisan teu ngiringan jalaran nebihan hal-hal anu taya mangpaatna atanapi hal-hal anu awonna sapertos ghibah (ngupat), ssjb. Tiasa janten urang ogé ditebihan ku aranjeunna da dianggap sok panatik, sok alim, atanapi wawantunanan masihan cariosan sapertos tausiyah. Teu kedah salempang jalaran Alloh nuju ngagentos réréncangan urang ku jalmi-jalmi anu soléh tur soléhah.
Hayu urang nyaketan jalmi-jalmi anu soléh, jalmi-jalmi anu luhung élmuna, jalmi-jalmi anu sasarengan sareng Alloh dina keteg jajantungna, dina ambekan napasna, dina émutanana, dina cariosanana, ogé dina réngkak paripolahna. Jalaran anjeunna bakal ngémutan tur ngajak urang ka Alloh. Anjeunna bakal janten tuduh jalan dina nepangan Alloh.
4. Sing sering nyaliksik diri.
Urang tafakur nyaliksik diri. Satos ngémut-ngémut dosa urang ti kapungkur lajeng nyuhunkeun dihapunten ka Alloh. Salajengna anu kedah sering tur unggal dinten nyaéta nyaliksik diri ngémutan naon kalepatan urang dinten ieu. Éta ogé sami kedah énggal-énggal tobat nyuhunkeun dihapunten, teu kénging diengké-engké tur teu kénging diantep dugi ka ngahunyud.
Urang ogé kedah naros ka diri,
- Naon waé anu parantos dipaparin ku Alloh kanggo urang?
- Urang nembé masihan naon kanggo Alloh?
Kalintang seueurna anu parantos ditampi ti Alloh téh, nya. Hayu atuh urang getolkeun deui ibadah sareng amal soléh sanésna kanggo Alloh.
Urang kedah leres-leres dina taat ka Alloh téh, teu kénging lalawora, teu kénging saraosna, jalaran hirup urang di dunya mung sakedap. Duka iraha urang bakal dipundut.
Hayu urang leres-leres dina ngudag pangapunten Mantenna, hayu urang leres-leres dina ngudag rido Mantenna, hayu urang leres-leres dina midamel kasaéan. Urang ronjatkeun netepanna, urang ronjatkeun sodakohna, urang ronjatkeun dzikirna, ssjb, insya Alloh Mantenna baris masihan pituduh tur baris nyarengan urang.
Alloh midawuh,
وَٱلَّذِينَ جَٰهَدُوا۟ فِينَا لَنَهْدِيَنَّهُمْ سُبُلَنَا ۚ وَإِنَّ ٱللَّهَ لَمَعَ ٱلْمُحْسِنِينَ
"Jeung jalma-jalma anu jihad pikeun (néangan rido) Kuring, bener-bener manéhna bakal dituduhkeun ku Kuring ka jalan-jalan Kuring. Jeung saéstuna Alloh bener-bener babarengan jeung jalma-jalma anu migawé kahadéan." (QS. Al-Ankabut ayat 69)
Ni'mat istikomah téh karaos di dunya kénéh, diantawisna rasa anu tingtrim margi sanéskanten disanggakeun ka Nu Kawasa, ogé jalaran teu weléh disarengan ku Alloh bari pinuh ku kadeudeuh. Salahsawiosna conto anu basajan anu parantos disabit di luhur, nembé kereteg tos langsung norojol. Ogé ni'mat dipaparin pituduh. Urang teu sesah ngémut, biasana sapertos dituyun kumaha sakedahna.
Dupi ni'mat di ahérat, kanggo jalmi anu istikomah dina bebeneran tur midamel kasaéan, taya deui iwal ti sawarga.
Ya Alloh, mugi Gusti kersa ngajantenkeun abdi sadaya jalmi-jalmi anu istikomah, supados abdi sadaya tiasa ngararaoskeun ni'mat dunya sareng ni'mat ahérat, supados abdi sadaya tiasa ngararaoskeun sawarga dunya sareng sawarga ahérat.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه…

0 Response to "NI'MAT DUNYA AHÉRAT KANGGO JALMI ANU ISTIKOMAH"
Post a Comment