Kabelejog Asih (Bagean ka-1) Ku: Erni Wardhani
Kabelejog Asih
(Bagean ka-1)
Ku: Erni Wardhani
" Mah, Papah rèk kawin deui, nyaaa."
Kuring anu keur anteng lalajo tipi bari ngemil kuèh Mondè, ngadadak kaselek. Sababaraha kali kabeureuyan. Si Papah, tara-tara, makè hideng mangmawakeun cai dina diapenser. Leguk, cai ti Si Papah dileguk lalaunan. Tuluy babaraha kali dedeheman. Asa aya nungahalangan tikoro. Asa ku manis èta Si Papah, watados tèa. Na marukan boga pamajikan dua tèh teu lieur, kitu? Anu enggeus-enggeus gè gening, sok jadi ricuh.
Kuring teu nembal. Geuwat kaleng kuèh anu na lahunan ditutup. Tuluy diteundeun na meja.
Acara tipi ngadadak asa jadi teu kahalarti. Gep rèmot tipi dicokot, tuluy saluran dipindahkeun. Kaditu, kadieu, kaditu deui, pusing. Tungtungna tipi dipareuman. Papih teu loba komentar. Biasana mah sok protes, tipi kudu na saluran berita wae.
" Cik, Mah, asa pararait letah, bangunna mun nyuruput ci kopi, bakal keuna."
Ih, na ari lalaki. Geus ngomong anu pikanyerieun hatè awèwè teh, lempeng makè hayang mangnyieunkeun ci kopi sagala rupa. Na tina naon hatèna dijieun, ku euweuh parasaan pisan. Kumaha mun ci kopina dièngrinan, atawa dipurulukan nu pimatakeun.
Kuring ngajeten. Masih kapikiran omongan Papah. Lain, lain heureuy ayeuna mah. Beda nada sorana. Kateken semu jero. Tuluy aya beban. Kuring apal pisan perwatakan kanu jadi salaki. Lain karèk sataun dua taun, lalayaran rumah tangga jeung Si Papah tèh. Geus sawelas taunna. Lain waktu anu sakeudeung.
Kuring teu ngalayanan kahayangna. Leos wè ninggalkeun Si Papap anu anteng lalajo tipi. Sup ka kamar. Gebru, ngabeubeutkeun awak sorangan. Gep kana bantal, segruk ceurik ditahan. Sora ceurik dititupan ku bantal. Bari ceurik, ras kana kakurangan diri. Emh, boa teuing kulantaran kuring teu bisa mere turunan ka manehna, matak manehna hayang kawin deui gè.
Padahal mah, enggeus èta gè dipariksa mah. Boh kuring, boh salaki. Ceuk dokter mah narolmal duanana ge. Teuing atuh, can dipercaya we, meureun boga turunan. Ceurik beuki rongkah. Sedih. Kacipta lamun bener kawin deui, kanu ngora, geulis, seksi....alamat poho we kanu kolot mah. Komo mun tinu ngora dikeresakeun boga bati, kacipta, geus bakal pipohoeun kanu kolot kerejut mah. Umur geus nincak 50 taun, si Papah teh, boa enya manehna keur begèr mindo. Na atuh saha anu geus matak hate Si Papah ngadua.
Panon karasa beuki beurat. Kahayang teh Si Papah nyusul ka kamar, tuluy ngolo kanu jadi pamajikan anu keur ambek. Didago dago tèh teu norojol waè. Hate beuki ambek, kulantaran capè ceurik waè, reup wè kasarèan. Lilir-lilir teh, pedah aya sora klakson mobil nu ngaliwat menj tarik. Korèjat, kuring ngorèjat. Keteyep cengkat, mgadeukeutan eunteung anu gigireun mèja gawè. Buuk awut-awutan, panon carindul teu puguh. Jorèlat, mangsa anu ka tukang ngajorèlat, narèmbongan.
Mangsa harita basa kuring lèlèngohan kènèh. Da sabenerna mah teu nyangka bakal kawin jeung Si Papah. Harita kuring geus boga papacangan urang Purwakarta. Babaturan kuliah, lamceuk tingkat. Lila ogè miara tali rasa tèh, aya kana 4 taunna. Ari sugan teh bakal ngajodo. Tapi da gening nudipikahayang kuurang jadi lain carita. Der anu boga indung jeung bapa teh makè aya acara rèuni, tuluy ngarèrèmokeun kuring jeung anak babaturannana.
Mimiti panggih jeung Si Papah, èstuning biasa-biasa. Tapi kulantaran nurut kanu jadi kolot, ahirna kuring dipènta kaputusan ku Kang Yèdi, rèk milih manèhannana atawa milih pilihan kolot. Kuring ge sabenerna mah geus meunang asak asak ngitung. Malahan mah, kungsi dianteur ka Sorèang, manggihan jelema pinter, sangkan pangmilihkeun jodo. Harita mah, resep wè kikituan tèh, heureuy bari jeung babalèdogan. Teu, sugan inget nu kitu patut tèh lumpatna kana syirik, Astagfirullahaladzim.
Harita, duaan jeung Dèdèh, ngajugjug tempat èta tèh. Sarua Dèdèh gè rèk tatanya. Tungtungna sakali sèwang dibaca ku nupinter tèh. Ari Dèdèh mah salah tebakannana tèh, na ari ka kuring meni bisa ceples hampir 100 persèn. Mimiti nyebutkeun kuring bakal kawin jeung anu dijodokeun, teu boga anak, nepi ka bakal hayang mènta kawin deui.
Hatè asa ujug-ujug hayang nèang jelema pinter èta deui. Boa masih jumeneng, da harita ge, asa sataun dua taun kolotna ti kuring, bangunna leuwih heula itu. Teuing kunaon, ieu leungeun meni lancar ngetik wapri ka Dèdèh. Sobat kuliah tea.
Teuing kumaha, acara nga chat asa ku lancar. Mesing can kaciri dibaca ku Si Dedeh gè, nu penting usaha, jeung pesan kakirim. Kuring neundeun hape lalaunan.
" Maahhh." ujug-ujug we Si Papah, teuing ti iraha, geus aya di tukangeun urang.
Kuring neuteup hapa, kanu eunteung.
"Mamah teh, geulis." cenah, bari ngoprèk buuk kuring, siga tukang salon, buuk dibeungkeutkeun. Tuluy dirumbaykeun deui, kitu jeung kitu we.
Kuring angger teu mere reaksi, ngan ukur bisa kukulutus keuheul na jero hatè. Keuheul masih minuhan dada.
Gep awak kuring ditangkeup ti tukang. Leungeunna ngalèng, tuluy sirahna na sirah kuring.
Kuring peureum.
Carbung ngeunaan Tresna.

0 Response to "Kabelejog Asih (Bagean ka-1) Ku: Erni Wardhani"
Post a Comment