TEU KÉNGING SILIHTULUNGAN DINA MIDAMEL KAAWONAN*



*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*


*TEU KÉNGING SILIHTULUNGAN DINA MIDAMEL KAAWONAN*

Ku Ani Herliani


Alhamdulillah pemilu parantos laksana, sok sanaos teu acan tiasa disebat sampurna, jalaran masih kénéh seueur jalmi anu henteu kapasihan uleman kanggo nyoblos, janten dina prakna tiasa nyoblos nganggo KTP. Nanging ratusan warga di sabudeureun hiji pausahaan di Sérang, Banten, teu tiasa nyoblos sok sanaos nganggo KTP. Aranjeunna salajengna protés. Ogé ningal video kumaha surat suara anu jalmina teu sumping jalaran *golput* nuju dibolongan ku hiji jalmi kanggo presidén nomor urut *anu dipimaksad*, ogé maos iber ti hiji jalmi wiréh di daérahna masarakat mung narampi 4 surat suara, anu hiji mah teu katampi, nyaéta surat suara kanggo milih presidén. Kumaha waé anu kajantenan, pemilu parantos lekasan, ayeuna kantun ngétangna.

Dina prosés pemilu ti awal dugi ka ahir katingal aya anu teu jujur, dikawitan ku barangpasihan supados milih nu dipimaksad ku aranjeunna, atanapi ical galeuh sora dina wangun sanésna, surat suara anu parantos dibolongan, ssjb. Naudzubillahi mindzaalik. Mugia sanés urang salahsawios anu gaduh paripolah sapertos kitu téh.

Upami nyoréang mangsa katukang, kapungkur sepuh urang waktos aranjeunna peryogi ku hiji jalmi kanggo ngaheuyeuk atanapi ngurus rahayat di hiji wewengkon, aranjeunna ngariung tur badanten, milih hiji pupuhu atanapi pamingpin anu pangpayusna mingpin tur ngurus aranjeunna. Sadayana ngadugikeun pamagedan tur antukna bijil hiji nami anu cerdas, wijaksana, tur kagungan komara. Upami ayeuna, sok sanaos dina organisasi-organisasi anu langkung heureut mah masih kénéh cekap ku badanten sapertos kitu, di nu langkung lega mah sapertos dina milih wawakil rahayat sareng milih pamingpin daérah atanapi pamingpin nagara, palay kapilih téh seueur anu ngolo ku sanéskanten cara supados balaréa milih aranjeunna. Diantawis carana nyaéta barangpasihan atanapi *maksa* dugi ka balaréa teu wasa nolak margi aya dina hiji posisi anu teu walakaya ku hiji kakiatan anu ngabakutet dirina.

Wargi sadaya kaasih Alloh, mugia urang henteu kalebet anu gaduh paripolah sapertos kitu atanapi anu nulungan jalmi anu midamel hal sapertos kitu. Margi kalihna urang bakal kénging pamingpin anu teu jujur téh, urangna ogé bakal kénging bebendon ti Mantenna. Rugel ku dua ku tilu. Dipingpin ku jalmi anu teu jujur anu tiasa janten dina mingpinna ogé hianat ka rahayat, tangtos moal matak saé ka sadayana, kalebet ka urang. Rugel anu hiji deui nyaéta urang dibendon ku Nu Kawasa, anu wujud bebendonna nyaéta siksa anu kacida abotna, sapertos pidawuh-Na,

ۘ وَتَعَاوَنُوا عَلَى الْبِرِّ وَالتَّقْوَىٰ ۖ وَلَا تَعَاوَنُوا عَلَى الْإِثْمِ وَالْعُدْوَانِ ۚ وَاتَّقُوا اللَّهَ ۖ إِنَّ اللَّهَ شَدِيدُ الْعِقَابِ

*"Jeung prak aranjeun silihtulungan dina (migawé) kahadéan jeung dina takwa, jeung poma ulah silihtulungan dina migawé dosa jeung dina ngareumpak (anu dipahing). Jeung poma aranjeun kudu takwa ka Alloh, saéstuna Alloh kacida beurat siksa-Na."* (QS. Al-Ma'idah ayat 2).

Jalmi anu tumut kana kapalay jalmi anu ngahalalkeun sagala cara kanggo ngahontal kapalayna ogé kalebet nulungan. Biasana anjeunna nitipkeun diri ka jalmi anu dipimaksad, dugi ka kersa tumut kana pameredih jalmi anu dipimaksad. Nitipkeun diri téh tiasa mangrupi miharep rejeki anu sakedik, saamplop ipis, sadus sembako, atanapi nitip diri mangrupi jabatan, anu sadayana rejeki-rejeki kénéh anu janten udaganana. Atanapi tiasa janten aya anu ngudag jabatan kanggo ngundeur ajén diri dugi ka langkung dipihurmat ku nu sanés, da ku rejeki mah tos teu peryogi.

Héy diri, urang adug lajer milari rejeki dugi ka ngareumpak pamahing ti Nu Maha Kagungan Rejeki, ngareumpak pamahing ti Nu Maha Maparin Rejeki. Mugia urang émut, sok sanaos adug lajer ngudag rejeki, upami Nu Maha Maparin Rejeki henteu rido, moal kénging. Atanapi kénging rejeki anu saamplop ipis, kénging rejeki saharitaeun, lajeng dipasihkeun ka putra sareng garwa, na'udzubillah, pimanaeun tiasa soléh atanapi soléhah saupami dipasihan rejeki tina nulungan anu ma'siat ka Alloh. Urang adug lajer ngahalalkeun sagala cara kanggo ngudag jabatan enggoning ngaronjatkeun ajén diri ku cara ngasorkeun ajén diri di payuneun Alloh, tangtos sanés kahormatan sajati anu bakal katampi.

Pemilu parantos lekasan, ayeuna kantun ngétang. Ulah dugi ka dina ngétang urang ngundeur dosa énggal. Upami udagan urang mangrupi rejeki, hayu urang udag kaasih Nu Maha Maparin Rejeki. Upami udagan urang jabatan anu bakal ngahasilkeun ajén diri jalaran tos teu peryogi ku rejeki, hayu urang udag Anu Maha Kagungan sanéskanten perkawis kalebet ajén diri tur panghormat. Janten sanéskanten anu ku urang diudag aya di Mantenna. Teu aya jalan sanés iwal urang kedah raket ka Mantenna. Supados urang raket ka Mantenna iwal ti tumut kana sanéskanten aturanana.

Mugia urang tiasa ngémut panjang dugikeun ka kanggo kapentingan jaga di ahérat. Disebat jaga téh sanés hartosna panjang kénéh waktos dugi ka urang nyalsé tur tiasa ngandelkeun kana bakal tobat. Ajal jalmi teu aya anu uninga. Sadetik kapayun téh ghoib.

Mugia urang teu weléh diaping tur dijaring ku Alloh supados teu weléh aya di jalan-Na. Mugia manah sareng émutan urang teu weléh dibukakeun ku Alloh kanggo nampi bebeneran ti mana waé asalna. Mugia urang teu kabita ku rejeki anu sakedik anu mung nyandak kabingah saharitaeun, margi kagungan Alloh sanéskanten anu aya di langit sareng di bumi. Mung Alloh anu kawasa maparin rejeki ka nu dikersakeun ku Mantenna. Hayu urang alap manah-Na supados Mantenna mikasih ka urang. Upami Mantenna parantos mikaasih, rahayat langit sareng rahayat bumi bakal mikaasih. Upami sadayana parantos mikaasih, taya deui iwal kabagjaan lahir batin dunya ahérat kanggo urang. Subhanalloh, walhamdulillah, wallohu akbar.

Pamungkas mangga urang ngadu'a,

*"Ya Alloh, abdi sadayana parantos ngalaksanakeun tarékah dina milih pamingpin anu amanah. Abdi sadaya teu daya teu upaya iwal kakiatan anu dipaparin ku Anjeun. Mugia Anjeun anu kagungan sajatining kakawasaan ngersakeun maparin pamingpin anu luyu sareng ajaran Islam, anu teu weléh tumut kana paréntah Anjeun, anu sieun ku bebendon Anjeun, anu dina ngalaksanakeun pancénna ihlas tur rido karana Anjeun, anu haat ka rahayat, anu satékah polah ngusahakeun karaharjaan kanggo rahayat, anu ngaping rahayat supados saé ahlak tur taat ibadah.*

*Ya Alloh Anu Maha Welas tur Anu Maha Asih, danget ieu abdi sadaya meredih kawelas tur kaasih Anjeun. Abdi sadaya sieun ku bebendon Anjeun, mugia kersa ngaping abdi sadaya supados teu kabita ku rejeki saharitaeun. Pancegkeun iman sareng takwa abdi sadaya dugi ka teu kabita ku pangbébénjo jalmi kanggo kapentingan di dunya. Mugia kersa ngajantenkeun manah abdi sadaya kabita ku éndahna tempat wangsul sajati di ahérat nyaéta sawarga, anu sanéskanten kahoyong bakal langsung ditedunan. Ya Alloh, mugia Anjeun ngersakeun abdi sadaya kalebet jalmi anu soléh anu payus aya di éta tempat."*


*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TEU KÉNGING SILIHTULUNGAN DINA MIDAMEL KAAWONAN*"

Post a Comment