Carita Panjang *GARA-GARA LÈS*
Carita Panjang
*GARA-GARA LÈS*
PA BRATA (Direktur):
Tini, ènjing ngiring ka Bangkok sareng bapa nya, paling 3 dinten.
TINI (Sekretaris), bèbèja ka salakina:
Kang, ènjing abdi kedah ka Bangkok 3 dinten, aya tugas ti kantor.
DUDI (salaki Tini), nelepun kabogohna:
Ènjing Si Tètèh badè ka Bangkok 3 dinten, kè Yati bobo di bumi nya?
YATI (kabogoh Dudi), nyarita ka murid lèsna:
Acèp, ti ngawitan ènjing teu kedah lès nya, ibu aya peryogi 3 dinten badè ka lembur.
ACÈP (murid lès Yati), nyarita ka bapana:
Pa, ènjing Acèp perè lès 3 dinten, urang ka Dufan yu!
PA BRATA nyarita ka TINI:
Tin, ka Bangkok tèh bolay, itu Si Acèp kalah ngajak ka Dufan.
TINI nyarita ka DUDI:
Kang, ka Bangkok tèh teu cios.
DUDI nyarita ka YATI:
Yat, Si Tètèh teu cios ka Bangkokna, janten Yati ulah ka bumi akang nya.
YATI nyarita ka ACÈP:
Cèp, ibu teu cios ka lembur. Ènjing lebet lès nya?
ACÈP nyarita ka PA BRATA:
Pa ka Dufan tèh teu cios, da Acèp kedah lebet lès.
PA BRATA nyarita ka TINI:
Tin, ka Bangkok tèh cios. Paling 3 dinten.
TINI nyarita ka DUDI:
Kang, ka Bangkok tèh cios.
DUDI nyarita ka YATI:
Yati bobo di bumi akang tèh cios nya, 3 wengi.
YATI nyarita ka ACÈP:
Cèp, ibu ka lembur tèh cios. Janten Acèp teu kedah lès nya?
ACÈP nyarita ka PA BRATA:
Pa, ka Dufan tèh cioskeun nya, da Acèp libur 3 dinten.
PA BRATA nyarita ka ... ah, capè ngetikna. Mangga wè teraskeun ku nyalira !

0 Response to "Carita Panjang *GARA-GARA LÈS*"
Post a Comment