Carponn_ Munggahan 2019: SAPAMASS UNPAD
Carponn
Carita Pondok Naker
SAPAMASS - UNPAD 2019
[3/5 20:12] Ani Herliani SAPAMAS:
KAKARA MUNGGAHAN
Kakara gé ngingu hayam, geus rék dipeuncit deui keur munggahan.
#carpon_AH
#Sérang
[3/5 20:15] +62 823-1745-2808:
MUNGGAHAN KIWARI
Jaman kiwari mah, kakara gé munggahan geus macét dimamana.
#carponn_CRS
#bandung
[3/5 20:17] Kang Yoga 👨🏻🏫:
HUJAN MUNGGAHAN
Waktos munggahan kamari dijalana kapegung hujan.
#carpon_KG
#Purwakarta
[3/5 20:17] Ani Herliani SAPAMAS:
DAGING MUNGGAHAN
Kahayang mah ngabakakak munggahan téh, ari pék aya nu ngirim daging.
#carpon_AH
#Sérang
[3/5 20:25] Ani Herliani SAPAMAS:
HAYANG MUNGGAHAN
Hayang teuing munggahan di tanah Suci, kacipta tarawéh munggaran bareng jeung Muslim sadunya.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:28] Kang Yoga 👨🏻🏫:
ANYAR MUNGGAHAN
Waktos munggahan kuring naék mobil anyar warna bodas.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 20:29] Ani Herliani SAPAMAS:
ANYAR MUNGGAHAN
Munggahan harita mah meuleum hayam jeung tatangga anyar.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:30] Ani Herliani SAPAMAS:
ANYAR MUNGGAHAN
Nedunan pangajak munggahan, baju anyar keur lebaran langsung dipaké.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:34] Ani Herliani SAPAMAS:
ANYAR MUNGGAHAN
Basa anyar pindah mah rék puasa téh hayang balik, sono munggahan di lembur.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:37] Ani Herliani SAPAMAS:
ANYAR MUNGGAHAN
Taun ieu mah babaturan ngajak munggahan di tempat ulin nu anyar dibuka.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:38] Kang Yoga 👨🏻🏫:
MUNGGAHAN GEULIS
Kuring naék *gocar* ka tempat munggahan supirna geulis.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 20:42] Ani Herliani SAPAMAS:
MUNGGAHAN GEULIS
Waktu panggih keur munggahan, kuring kalinglap, manéhna leuwih geulis.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 20:51] Kang Yoga 👨🏻🏫:
MUNGGAHAN RAJA
Munggahan taun ieu mah tempatna di Raja Saté Purwakarta.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 21:01] Kang Yoga 👨🏻🏫:
MUNGGAHAN TUNDUH
Kusabab ceudeum hawa tunduh maturan kuring waktu munggahan di pasir langlang.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 21:03] Ani Herliani SAPAMAS:
MUNGGAHAN RAJA
Pangulinan éta keur jadi raja lantaran jadi pamungpungan balaréa, kaasup nu rék munggahan.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 21:07] Ani Herliani SAPAMAS:
MUNGGAHAN TUNDUH
Sabenerna mah geus tunduh, tapi aya kénéh Yoga nu ngajak nyarponn munggahan, jadi tetep manco, aya kénéh nu balanja ongkoh.
#carponn_AH
#Sérang
[3/5 21:18] +62 813-1310-0533:
MUNGGAHAN HAYOH
Sepuh téh hayoh wé naroskeun, cenah ari munggahan téh rék aruih moal?
#carpon_Dikfa
#StasiunCibatu
[3/5 21:24] Kang Yoga 👨🏻🏫:
BUNTUT MUNGGAHAN
Sok sanaos tunduh pami aya nu balanja cénghar deui komo pami munggahanna aya menu sop buntut.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 21:38] +62 853-2111-3404:
MUNGGAHAN MUNGGARAN
Munggahan ayeuna mah banget ku bèda, sabab mareng jeung kuring munggaran di lembur batur
#carponn_Rusiah
#Paskud
[3/5 21:54] Kang Yoga 👨🏻🏫:
MUNGGAHAN KUTU
Mulang munggahan kuring gégétrét waé kana sirah tuluy kuring meuli *peditok* obat kutu.
#carponn_KG
#Purwakarta
[3/5 22:01] +62 813-2135-7595:
SOBAT MUNGGAHAN
Dua kagumbiraan di awal Mei: nampa NIP ti Dinas Pendidikan jeung munggahan diriung-riung ku sobat anyar di pangumbaraan
CARPONN keur SANDI. Wilujeng mancen tugas di Pasirkuda Cianjur 😁😁😁
[3/5 22:04] Kang Yoga 👨🏻🏫:
JAGO MUNGGAHAN
Mulang munggahan ti Pasirkuda Cianjur kuring ulin heula ka Baso Si Jago.
#carponn_KG
#Purwakarta


0 Response to "Carponn_ Munggahan 2019: SAPAMASS UNPAD"
Post a Comment