ÉMUT KANA MAOT TUR TATAHAR MAYUNAN HIRUP SATOS MAOT*



*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*


*ÉMUT KANA MAOT TUR TATAHAR MAYUNAN HIRUP SATOS MAOT*

Ku Ani Herliani

Dina sasih ayeuna ku urang sering kakuping ayana jalmi anu maot, malih langkung seueur ti biasana. Ti kawit korban perang, korban politik, atanapi nu teu damang sapertos Ustadz Arifin Ilham kamari. Naon waé nu janten sabab hiji jalmi maot, sadayana parantos tinulis di _*Lauh Mahfudz*_.

Umumna jalmi paralay panjang yuswa, malih paralay hirup salalamina di dunya. Kantenan anu hirupna senang mah. Nanging di dunya téh sanés padumukan urang anu maneuh. Dunya mung ukur tempat reureuh saheulaanan dina raraga lumampah ka sajatining padumukan, nyaéta ahérat. Urang sadayana bakal dugi ka dinya. Minangka nu janten lawangna nyaéta *maot*.

Teu sakedik jalmi anu alim maot tur satékah polah nebihan maot atanapi nebihan cukang lantaran anu dianggap bakal ngabalukarkeun maot. Alloh anu nyiptakeun jalmi tur anu ngawasa sadaya jiwa uningaeun ngeunaan éta perkawis, jalaran kitu Mantenna midawuh,

قُلْ إِنَّ الْمَوْتَ الَّذِي تَفِرُّونَ مِنْهُ فَإِنَّهُ مُلاَقِيكُمْ ثُمَّ تُرَدُّونَ إِلَى عَالِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ

*"Béjakeun (ku anjeun Muhammad), “Saéstuna maot anu ku aranjeuna dijauhan, éstu bakal nepungan ka aranjeun, tuluy aranjeun dibalikkeun ka (Alloh), anu uninga nu goib jeung nu nyata, tuluy Mantenna ngiberan ka aranjeun naon anu geus dipigawé ku aranjeun (di dunya).”* (Al-Jumu’ah ayat 8)

Sadaya jalmi bakal ngalangkungan maot enggoning ngalih padumukan téh. Satos ngalangkungan maot, Alloh bakal masihan uninga ngeunaan sadaya paripolahna salami di dunya anu tangtos bakal disuhunkeun tanggel walerna. Paripolah saé bakal ngabalukarkeun hirup anu saé tur bagja di sajatining padumukan, sabalikna paripolah awon bakal ngabalukarkeun hirup nu awon di dinya.

Sadaya jalmi palay ngahontal hirup anu saé tur bagja di ahérat. Tangtos éta perkawis kedah diusahakeun jalaran saratna kedah kagungan paripolah atanapi amal anu saé salami di dunya. Jalaran kitu numutkeun Kangjeng Rosul, urang kedah sering émut kana maot tur tatahar mayunan hirup satos maot. Jalmi anu kitu disebat calakan (pinter).

عَنْ ابْنِ عُمَرَ أَنَّهُ قَالَ كُنْتُ مَعَ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَجَاءَهُ رَجُلٌ مِنْ الْأَنْصَارِ فَسَلَّمَ عَلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ثُمَّ قَالَ يَا رَسُولَ اللَّهِ أَيُّ الْمُؤْمِنِينَ أَفْضَلُ قَالَ أَحْسَنُهُمْ خُلُقًا قَالَ فَأَيُّ الْمُؤْمِنِينَ أَكْيَسُ قَالَ أَكْثَرُهُمْ لِلْمَوْتِ ذِكْرًا وَأَحْسَنُهُمْ لِمَا بَعْدَهُ اسْتِعْدَادًا أُولَئِكَ الْأَكْيَاسُ

*"Ti Ibnu Umar, anjeunna nyarios,  "Kuring babarengan jeung Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam, tuluy aya hiji lalaki urang Anshor datang ka anjeunna, tuluy ngucapkeun salam ka Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam, tuluy nanya, “Ya Rosululloh, nu mana di antawis kaum Mu'minin anu pangutamina?” Anjeunna ngawaler, ”Anu panghadéna ahlakna di antara maranéhna.” Urang Anshor naros deui, “Nu mana di antawis kaum Mu'minin anu pangcalakanana?” Anjeunna ngawaler, "Anu pangmindengna nginget-nginget kana maot di antara maranéhna, jeung anu panghadéna tatahar pikeun (kahirupan) sanggeus maot. Maranéhna téh jalma-jalma anu calakan.”* (HR Ibnu Majah)

Janten kalintang peryogina urang sering émut kana maot téh supados urang tatahar mayunanana, tur tatahar mayunan hirup satos maot. Dupi dina tataharna urang tangtos kedah bari ngabebenah diri nyaéta iman kedah leres tur panceg, tauhid kedah nyacas, nyaéta ngangken mung Alloh hiji-hijina Pangéran urang, saterasna midamel amal sholéh saseueur-seueurna, tur nebihan dosa.

Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu ‘alaihi wa sallam midawuh,

يَتْبَعُ الْمَيِّتَ ثَلَاثٌ فَيَرْجِعُ اثْنَانِ وَيَبْقَى وَاحِدٌ يَتْبَعُهُ أَهْلُهُ وَمَالُهُ وَعَمَلُهُ فَيَرْجِعُ أَهْلُهُ وَمَالُهُ وَيَبْقَى عَمَلُهُ

*"Mayit bakal dituturkeun ku tilu perkara (ka kuburanana), dua perkara bakal balik deui, nu hiji bakal tetep (nuturkeun). Mayit bakal dituturkeun ku kulawargana, ku harta bandana, jeung ku amalna. Kulawargana jeung hartana bakal baralik deui, amalna mah bakal tetep (nuturkeun)."* (HR Bukhari, Muslim, Tirmidzi, sareng Nasa'i)

Sadaya nu maot angkat ngaligincing, sok sanaos ka pajaratan mah dijajap ku kulawargana, malah tiasa janten dijajapna nganggo kandaraan pribadina, malih dina agama sanés aya nu dibahanan ku harta banda sagala. Nanging dugi ka ahérat mah mung ukur *dirina sareng amalna*. Janten kalintang peryogina urang gaduh bekel amal soléh saseueur-seueurna supados salamet tur kénging kahirupan anu saé di ahérat.

Cindekna:

1. Sadaya jalmi bakal maot sok sanaos saleresna mah aralim maot.

2. Satos maot sadaya paripolah hiji jalmi salami di dunya bakal ditingalikeun ka anjeunna tur bakal disuhunkeun tanggel walerna.

3. Jalmi anu calakan téh anu sering ngémut-ngémut maot tur tatahar kanggo mayunan hirup satos maot.

4. Cara tatahar mayunan maot tur hirup satos maot téh nyaéta ngabebenah diri bari nyeueurkeun amal soléh tur nebihan dosa.

Wargi sadaya kaasih Alloh, dupi urang kumaha? Naha parantos ngeueurkeun amal soléh? Atanapi nyalsé waé manawi tiasa tobat, padahal ajal sumping tara wawartos tur teu aya anu uninga bakal iraha sumpingna?

Mugia urang kalebet jalmi anu calakan anu teras-terasan émut kana maot tur tatahar mayunanana ku cara nyeueurkeun amal soléh. Mugia urang kalebet jalmi pinilih anu dikersakeun ku Mantenna salamet di dunya sareng di ahérat. Mugia Alloh mukprukan urang ku kaasih-Na tur maparin tempat anu pangéndahna di sawarga.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "ÉMUT KANA MAOT TUR TATAHAR MAYUNAN HIRUP SATOS MAOT*"