HARTA KARUN*
*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*
*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*
*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*
*HARTA KARUN*
Ku Ani Herliani
Aya hiji dongéng, kacarioskeun sababaraha jalmi anu nuju lumampah milari harta karun anjog ka guha anu dituju. Dina éta guha seueur pisan barang anu didamel tina emas sareng pérak. Nanging ti luhurna taneuh patingburusut. Katingalna éta guha bakal rugrug. Tangtos anu palay harta karun kedah gura-giru nyandakan anu dipikapalayna dina waktos anu kalintang samporétna. Aranjeunna tangtos bakal konséntrasi ka nu badé dicandakna supados tiasa kacandak saseueur-seueurna bari henteu kaporotan, karuang hirup-hirup dina lebet guha. Aranjeunna tangtos moal miceunan waktos kanggo ngobrol sareng papadana, aranjeunna tangtos moal laléda.
Kitu deui urang dina sasih siam, Alloh maparin guha harta karun di dinya, sapertos pahala anu manglipet, pangapunten kana dosa, sareng barokah sanésna. Urang kantun nyandakan pahala anu manglipet tina saum, netepan wajib, netepan sunat, maos Qur'an (tadarus), sodakoh, i'tikaf ssjb. anu janten 70 kali nikelna, sareng pangapunten kana dosa tina tarawéh. Nanging waktosna mung 30 dinten Upami sasih biasa unggal kasaéan digentos ku pahala 10 tikel, dina sasih siam mah janten 70 tikel, janten bakal énggal ngempelna, bakal téréh seueurna. Kantun urang gura-giru nyandakanana sateuacan séép waktosna.
Naha kedah gura-giru? Leres, jalaran ku Alloh mung dipaparin 30 dinten. Salajengna sasih siam téh bakal ngiles deui. Taun payun tiasa janten bakal sumping deui, nanging tiasa janten urangna anu parantos miang deui ka kalanggengan. Atanapi tiasa janten urang henteu kabagéan 30 dinten, da yuswa mah teu terang bakal dugi ka iraha. Urang teu terang naha Alloh mung masihan sadinten, dua dinten, atanapi saminggon kanggo urang. Walloohu 'alam.
Janten tos sakedahna urang sumanget ngahontal sanéskanten barokah sasih siam, tos sakedahna urang henteu miceunan waktos kanggo hal-hal anu taya gunana, tos sakedahna urang henteu laléda jalaran waktos leres-leres kawatesanan.
Mugia urang tiasa ngamangpaatkeun kasempetan kanggo nyandakan harta karun dina sasih siam kalayan hasil anu mucekil. Mugia Alloh rido kana sanéskanten tarékah urang dina enggoning ngahontal kaasih-Na anu baris janten cukang lantaran ngahontal jannah-Na.
*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*
*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

0 Response to "HARTA KARUN*"
Post a Comment