KAUTAMAAN MIKANYAAH MURANGKALIH YATIM
*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*
*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*
*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*
*KAUTAMAAN MIKANYAAH MURANGKALIH YATIM*
Ku Ani Herliani
Seueur pisan riwayat ngeunaan Rosululloh anu kalintang mikanyaahna ka murangkalih yatim, diantawisna anjeunna resep pisan ngusapan mastaka éta murangkalih. Para sahabat tos pada-pada uninga ngeunaan éta kabiasaan. Jalaran salira Rosululloh téh seungit kacida kalebet pananganana, tur anjeunna resep ngusapan mastaka murangkalih yatim, para sahabat anu palay uninga nu mana murangkalih yatim supados tiasa barangpasihan, aranjeunna kantun ngangseu mastakana, upami seungit hartosna yatim.
Naha Rosululloh mani teu kinten nyaahna ka murangkalih yatim? Murangkalih yatim jalaran dikantun pupus ku ramana, tangtos mung sakedik kénging pangrungrum kanyaah téh da mung ti ibuna wungkul. Kalihna ti éta hiji rama téh pamingpin, anu nangtayungan, tur anu milari napkah kanggo kulawarga. Upami ramana pupus, tangtos langkung abot dina masalah méntal sareng ekonomi, sok sanaos salajengna aya sapalihna ibu-ibu anu tiasa milari napkah nanging teu satohaga tanaga pameget. Jalaran kitu Rosululloh satékah polah ngagentos kaasih rama éta murangkalih, boh ku kaasih nu mangrupi sikep, boh ku nu mangrupi rejeki.
Rosululloh nguningakeun utamina mikanyaah ka murangkalih yatim.
1. Mikanyaah tur ngusapan mastaka murangkalih yatim tiasa ngaléahkeun manah anu bedegong anu condong kana ma'siat.
ﻋَﻦْ ﺃَﺑِﻲْ ﻫُﺮَﻳْﺮَﺓَ ﺃَﻥَّ ﺭَﺟُﻠًﺎ ﺷَﻜَﺎ ﺇِﻟَﻰ ﺭَﺳُﻮْﻝِ ﺍﻟﻠَّﻪِ ﺻَﻠَّﻰ ﺍﻟﻠَّﻪُ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﻭَﺳَﻠَّﻢَ ﻗَﺴْﻮَﺓَ ﻗَﻠْﺒِﻪِ، ﻓَﻘَﺎﻝَ ﻟَﻪُ: ﺇِﻥْ ﺃَﺭَﺩْﺕَ ﺗَﻠْﻴِﻴْﻦَ ﻗَﻠْﺒِﻚَ ﻓَﺄَﻃْﻌِﻢِ ﺍﻟْﻤِﺴْﻜِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻣْﺴَﺢْ ﺭَﺃْﺱَ ﺍﻟْﻴَﺘِﻴْﻢِ
*"Ti Abu Hurairah, wiréh aya hiji jalmi ngangluh ka Rosululloh SAW ngeunaan bedegong haténa, teras anjeunna midawuh ka éta jalmi, “Lamun anjeun hayang ngaléahkeun haté anjeun, poma béré dahar jalma nu sangsara jeung usapan sirah budak yatim."* (HR. Ahmad)
Ku kabiasaan kitu insya Alloh manah urang janten léah, gampil nyaah, gampil nampi hidayah, tur gampil nampi bebeneran.
2. Anu pangsaé-saéna bumi nyaéta anu pangeusina ngarorok murangkalih yatim kalayan pinuh ku kadeudeuh.
قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: خَيْرُ بَيْوْتِكُمْ بَيْتٌ فِيْهِ يَتِيْمٌ مُكْرَمٌ -أبو نعيم
*"Rosululloh Shollallohu alaihi wasallam midawuh, "Panghadé-hadéna imah aranjeun, (nyaéta) imah anu di jerona barudak yatim dimulyakeun.”* (Riwayat Abu Nu’aim, disohéhkeun ku As Suyuthi)
Ngamulyakeun murangkalih yatim téh kalebet mikadeudeuh, mupujuhkeun, ngabiayaan, masihan tuang, ngatik, ssjb.
3. Jalmi anu ngarorok murangkalih yatim atanapi anu ngabiayaan hirupna bakal sasarengan sareng Rosululloh di sawarga.
عن عبد العزيز بن أَبِي حَازِمٍ قَالَ: حَدَّثَنِي أبي قال: سَمِعْتُ سَهَلْ اِبْن سَعْدٍ (رض) قَالَ: قَالَ رَسُوْلَ اللهِ (ص) أَنَا وَكَافِلُ اْليَتِيْمِ فِى الْجَنَّةِ هَكَذَا وَقَالَ بِإِصْبَعِيْهِ السَّبَابَةِ وَالْوُسْطَى.[1]
*"Ti Abd al-Aziz bin Abi Hazim, anjeunna nyarios, pun bapa nyarios ka abdi, anjeunna nyarios, Bapa nguping Sahl bin Sa’ad, ti Nabi SAW, midawuh, “Kuring jeung nu ngabiayaan budak yatim siga kieu di sawarga." Anjeunna metakeun ku curuk jeung jajangkung.”* (HR. Bukhari)
Rosulullah SAW miwarang supados paripolah urang saé ka murangkalih yatim, nyaéta ku cara ngabiayaan sadayana kaperyogian hirupna. Upami parantos tiasa kitu urang bakal pacaket sareng Rosululloh di sawarga lir pacaketna curuk sareng jajangkung.
Subhanalloh, saha anu henteu kabita pacaket sareng Rosululloh di sawarga. Dalah lebet ka sawargana ogé kalintang dipicangcamna ku sadaya umat Muslim mah. Rosululloh parantos masihan jaminan ngeunaan éta perkawis. Kiwari saupami urang teu acan tiasa ngarorok nyalira di bumi jalaran sesah itu-ieuna, teu janten pamengan, jalaran tos seueur pisan yayasan anu ngarorok, ngatik, tur ngaping murangkalih dugi ka tiasa hirup macakal. Urang tiasa nitip rejeki di dinya anu saterasna bakal dijareujeuhkeun ku aranjeunna.
Mugia urang tiasa mikanyaah murangkalih yatim sapertos Rosululloh mikanyaah ka aranjeunna. Mugia urang kalebet jalmi anu tiasa pacaket sareng anjeunna di sawarga.
*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*
*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

0 Response to "KAUTAMAAN MIKANYAAH MURANGKALIH YATIM"
Post a Comment