PAMUNDUT URANG ANU DIPIKARESEP KU ALLOH
*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*
*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*
*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*
*PAMUNDUT URANG ANU DIPIKARESEP KU ALLOH*
Ku Ani Herliani
Jalmi anu iman bakal teu weléh peryogi ku Alloh. Anjeunna ngaraos dirina teu daya teu upaya saupami teu dipaparin kakiatan ku Mantenna. Anjeunna taya kaludeung saupami teu nyalindung tur tawekal ka Dzat Anu Maha Kawasa tur Wijaksana. Hiji Mu'min mémang tos sakedahna muntang tur nyuhunkeun ka Mantenna anu ngawasa kana sanéskanten perkawis dina du'a. Margi du'a téh kalihna ti pamundut urang supados angen-angen urang dikabul ku Alloh, ogé mangrupi paréntah Mantenna, malih du'a téh mangrupi intina ibadah.
*Rosululloh midawuh, "Du'a téh intina ibadah."* (HR Abu Dawud sareng At-Tirmidzi).
Du'a ogé anu pangutamana mungguhing Alloh.
*Rosululloh midawuh, "Taya anu leuwih utama mungguhing Alloh tibatan du'a."* (HR. Ahmad)
Horéng Alloh téh bingah tur resep saupami urang meredih ka Mantenna. Padahal urang sakapeung sok ngaraos teu kedah ngadu'a da sanéskanten bérés, rejeki lancar, ssjb. Sakapeung urang ngaraos upami sanéskanten bérés tur lancar nanging urang tetep barangsuhunkeun ka Alloh hartosna urang sarakah. Numutkeun Alloh mah henteu kitu. Urang tetep peryogi ku Mantenna. Mangga waé émut, saneskanten bérés urusan di dunya, naha ngajamin bakal bérés urusan di ahérat? Naha aya anu ngajamin urang bakal salamet tina seuneu naraka? Naha aya anu ngajamin urang bakal séhat tur salamet sapapaosna salami hirup di dunya? Teu aya pan? Jalaran Alloh anu ngawasa sanéskantenna, nya urang suhunkeun ka Mantenna dina du'a.
Sajatining Mu'min mémang sakedahna teu kénging ngaraos sungkan kanggo ngadu'a. Anggap waé Alloh téh anu pangraketna ka urang dugi ka unggal waktos urang bébas gunem catur sareng Mantenna kalebet barangsuhunkeun. Urang teu kénging ngaraos bosan ngadu'a unggal waktos saupami anu janten angen-angen urang teu acan tinekanan, boh angen-angen kanggo urusan pribadi, boh angen-angen kanggo kasaéan balaréa, ogé angen-angen kanggo kasaéan nagara urang.
Upami hiji angen-angen teu acan ngajanggélék janten kanyataan, sanés hartosna henteu dikabul. Aya 3 rupi waleran ti Alloh.
Ti Abu Sa’id, Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam midawuh,
« ما مِنْ مُسْلِمٍ يَدْعُو بِدَعْوَةٍ لَيْسَ فِيهَا إِثْمٌ وَلاَ قَطِيعَةُ رَحِمٍ إِلاَّ أَعْطَاهُ اللَّهُ بِهَا إِحْدَى ثَلاَثٍ إِمَّا أَنْ تُعَجَّلَ لَهُ دَعْوَتُهُ وَإِمَّا أَنْ يَدَّخِرَهَا لَهُ فِى الآخِرَةِ وَإِمَّا أَنُْ يَصْرِفَ عَنْهُ مِنَ السُّوءِ مِثْلَهَا ». قَالُوا إِذاً نُكْثِرُ. قَالَ « اللَّهُ أَكْثَرُ »
*"Hiji Muslim henteu ngadu’a ka Alloh salila teu ngandung dosa jeung megatkeun silaturahmi, iwal Alloh bakal méré tilu perkara ka manéhna:*
*1. Alloh bakal gura-giru ngabulkeun du’ana,*
*2. Alloh bakal nyimpen (dikabulna du'a) pikeun (kahadéan) manéhna jaga di ahérat,*
*3. Alloh bakal nyingkahkeun kagoréngan (musibah) anu siga kitu (sabalikna ti nu dipénta).”*
*"Para sahabat tuluy nyarita, “Upami kitu abdi sadaya badé nyeueurkeun ngadu’a.”*
*Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam teras midawuh,*
*“Alloh engké bakal ngalobakeun ngabulkeun du’a-du’a aranjeun.”* (HR. Ahmad)
Urang téh kedah seueur ngadu'a ka Alloh. Urang ogé kedah saé panyangki ka Mantenna tur yakin du'a urang bakal dikabul. Beuki seueur tur sering urang ngadu'a ka Alloh, beuki raket urang ka Mantenna, jalaran kumargi hoyong du'a dikabul, urang satékah polah ngalap manah Mantenna ku cara nedunan sanéskanten kapalayna.
Alloh parantos ngajamin dikobulna du'a, Alloh moal jalir jangji ka umat-Na anu seueur tur sering ngadu'a kalayan ageung pangharepan, saé panyangki ka Alloh, manah anu ihlas, tur sabar ngantosan Alloh ngabulkeun.
Wargi sadaya kaasih Alloh, hayu urang jantenkeun Alloh hiji-hijina anu wajib disembah, hiji-hijina anu wajib diibadahan, hiji-hijina tempat nyalindung, sareng hiji-hijina tempat miharep tur nyuhunkeun. Urang antosan Mantenna ngabulkeun dina wangun naon waé luyu sareng kapalay-Na. Mugia urang kalebet umat pinilih anu teu weléh tumut ka Mantenna sapapaosna. Mugia urang kalebet anu salamet di dunya tur mulya di ahérat.
*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*
*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

0 Response to "PAMUNDUT URANG ANU DIPIKARESEP KU ALLOH"
Post a Comment