SODAKOH TIASA MÉRÉSKEUN MASALAH



*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*


*SODAKOH TIASA MÉRÉSKEUN MASALAH*

Ku Ani Herliani

Kalintang seueurna kasaéan tina sodakoh anu bakal karaos mangpaatna, boh ku nu nampina, boh ku nu masihanana. Diantawis kasaéan sodakoh anu bakal karaos mangpaatna ku nu masihanana nyaéta bakal tiasa méréskeun masalah anu nuju karandapan ku anjeunna.

Alloh nguningakeun wiréh sanaos hiji jalmi nuju aya dina karerepet perkawis ékonomi, tetep kedah sodakoh. Alloh uninga kana kamampuh mahluk-Na. Sakumaha waé hiji jalmi kagungan karerepet, numutkeun Alloh mah bakal masih kénéh tiasa masihan infak atanapi sodakoh. Alloh moal maparin paréntah (dina masihan infak atanapi sodakoh) langkung-langkung tina wates kamampuh hiji jalmi. Alloh miwarang supados umat-Na masihan infak atanapi sodakoh téh luyu sareng kasanggeman anjeunna. Saterasna anjeunna ku Alloh bakal dipaparin bongbolongan tur bakal laluasa rejekina.


لِيُنْفِقْ ذُو سَعَةٍ مِنْ سَعَتِهِ ۖ وَمَنْ قُدِرَ عَلَيْهِ رِزْقُهُ فَلْيُنْفِقْ مِمَّا آتَاهُ اللَّهُ ۚ لَا يُكَلِّفُ اللَّهُ نَفْسًا إِلَّا مَا آتَاهَا ۚ سَيَجْعَلُ اللَّهُ بَعْدَ عُسْرٍ يُسْرًا

*"Jeung poma jalma anu aya kasanggup kudu méré napkah numutkeun kasanggupna. Jeung jalma anu susah rejekina poma kudu méré napkah tina harta anu dipaparin ku Alloh ka manéhna. Alloh moal méré paréntah (dina méré napkah) ka hiji jalma kajaba (saukur) naon anu ku Alloh ditibankeun ka manéhna. Alloh engké bakal méré bongbolongan sanggeus ayana karerepet."* (At-Thalaq ayat 7).

Mugia urang kalebet jalmi anu micinta kana sodakoh, jalaran seueur pisan kautamaan tina sodakoh téh, diantawisna tiasa méréskeun masalah, tiasa janten cukang lantaran sumpingna bongbolongan kana karerepet urang. Mugia Alloh rido kana sanéskanten tarékah urang dina enggoning ngudag kaasih-Na anu baris janten cukang lantaran urang ngahontal sawarga-Na.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SODAKOH TIASA MÉRÉSKEUN MASALAH"

Post a Comment