TADARUS
*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*
*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*
*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*
*TADARUS*
Ku Ani Herliani
Tadarus téh maos Al-Qur'an dina sasih Siam. Éta amalan sunat maos Al-Qur'an téh diajén tur dipaparin panggentos ku pahala amalan wajib jalaran dilaksanakeun dina sasih Siam.
Dina Kitab _*Majmu Al-'Ulum Wa Mathli’u An-Nujum,*_ Imam Syafi’i nguningakeun wiréh sadaya hurup anu aya dina Al-Qur'an téh *1.027.000 hurup*. Hartosna unggal sakali khatam urang maca langkung ti sajuta hurup.
Upami sahurup = 1 kasaéan,
tur 1 kasaéan = 10 pahala,
janten sakali khatam Al-Qur'an téh urang gaduh 10.270.000 pahala.
Upami diaosna dina sasih Siam bakal ngalipet 70 tikel, janten urang bakal kénging 718.900.000 pahala.
Subhaanalloh, sakali deui upami urang khatam maos Al-Qur'an sakali dina sasih Siam, urang bakal gaduh pahala 718.900.000. Kabita, nya. Kah? Abot? Apan Al-Qur'an téh aya 30 juz, sasih Siam insya Alloh aya 30 dinten, janten tiasa dikeureuyeuh sadinten sajuz.
1. Maos Al-Qur'an sadinten sajuz moal abot upami dibandingkeun sareng buruhna, nyaéta pahala 718.900.000 upami tamat 30 juz salami sasasih.
2. Maos Al-Qur'an sadinten sajuz moal abot kanggo anu sadidintenna biasa maos sadinten sajuz.
3. Maos Al-Qur'an sadinten sajuz moal abot upami dikeureuyeuh unggal satauacan netepan fardu salambar (2 kaca), satos netepan fardu salambar. Janten sadinten kénging 10 lambar. Sasasih kénging 300 lambar (600 kaca). Kitu upami dirata-ratakeun jumlah lambaran mushaf Al-Qur'an. Upami sateuacan netepan fardu sareng satos netepan fardu rada sesah jalaran berjamaah di masjid, tiasa diaos di bumi, di padamelan, atanapi diaos di mana waé luyu sareng kaayaan.
4. Maos Al-Qur'an sadinten sajuz moal abot da di jaman kiwari mah sanéskanten parantos gampil. Upami jaman kapungkur sim kuring ka sakola atanapi ka padamelan mekel Qur'an alit, kiwari cekap tina HP, janten langkung praktis.
Janten teu aya alesan kanggo abot upami pangdorong sumanget kanggo ngahontal pahalana ngagedur di urang. Mugia urang sadayana tetep sumanget kanggo ngahontal kasaéan tina tadarus. Mugia Alloh rido kana sanéskanten tarékah urang dina enggoning ngudag rido-Na. Mugia Mantenna rido urang kalebet jalmi anu payus janten ahli sawarga-Na.
*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*
*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

0 Response to "TADARUS"
Post a Comment