Diajar kana Zahudna Hasan Al- Bashri




*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*

*DIAJAR KANA ZUHUDNA HASAN AL-BASHRI*

Ku Ani Herliani

Zuhud téh hiji sikep anu mulya anu kalintang dipikaasihna ku Alloh SWT. Zuhud téh ngutamikeun mikaasih ahérat tur henteu patos mentingkeun urusan dunya atanapi harta banda. Kanggo anu zuhud mah dunya téh mung ukur sajorélat, janten harta banda sareng urusan dunya téh dijantenkeun alat kanggo ngahontal sajatining tujuan atanapi dijantenkeun alat kanggo ngempelkeun bekel kahirupan di ahérat.

Jalmi anu zuhud ngamalkeun pidawuh Alloh anu hartosna kieu,

*"Béjakeun (ku anjeun Muhammad), kasenangan di dunya téh ngan sajorélat jeung ahérat téh leuwih hadé pikeun jalma-jalma anu takwa jeung maranéh moal dikaniaya saeutik-eutik acan."* (QS. An-Nissa ayat 77)

Tangtos urang hoyong janten jalmi anu bagja di sajatining tempat wangsul, nyaéta nagri ahérat. Hayu urang narékah, salahsawiosna ku diajar kana zuhudna Hasan Al Bashri.

Hasan Al-Bashri téh salahsawios imam anu kalintang zuhudna. Anjeunna téh putra réncang (pembantu) Umu Salamah, salahsawios istri Rosululloh SAW. Ti nuju orok sering dirorok ku Umu Salamah. Nuju murangkalih sering ameng ka bumi istri-istri Rosul anu mémang caraket. Tos ageung gaul tur guguru ka para sahabat Nabi. Janten ahlakna parantos kaaping ti aalit. Satos nyuprih rupining élmu agama salajengna anjeunna kalebet salahsawios imam anu linuhung élmuna, wijaksana, zuhud, tur dipikaasih ku umat.

Hiji waktos Hasan Bashri ditaros,

*"Naon rusiah zuhud salira di ieu dunya?"*

Anjeunna ngawaler,

*"1. Kuring apal rejeki kuring moal dicokot ku batur, ku sabab kitu haté kuring teu weléh reugreug.*

*2. Kuring apal amal kuring moal dicokot ku batur, ku sabab kitu kuring sibuk migawé amal soléh.*

*3. Kuring apal Alloh Subhanahu Wata'ala teu weléh nalingakeun kuring, ku sabab kitu kuring éra lamun Alloh ningali kuring keur ma'siat.*

*4. Jeung kuring apal ajal geus nungguan kuring, ku sabab kitu kuring terus nambahan bekel pikeun poéan hari patepung lawungna kuring jeung Pangéran kuring."*

1. Perkawis rejeki.

Sadaya jalmi parantos kagungan *kulak canggeum bagja awak* séwang-séwangan ngeunaan rejeki. Sadayana parantos sinerat di Lauh Mahfudz, sok sanaos tiasa robih langkung seueur saupami urang ngadu'a tur langkung getol usahana. Perkawis robihna ku jalan usaha sareng ngadu'a ogé parantos sinerat di Lauh Mahfudz. Anu dimaksad reugreug jalaran moal dicandak ku batur téh pakait sareng ibadah. Ulah kajantenan jalaran ngudag rejeki sieun kapayunan ku batur, dugi ka teu netepan subuh atanapi teras-terasan ngudag rejeki dugi ka teu tolih kana kawajiban netepan unggal sumping waktosna netepan.  Atanapi ngahalalkeun sagala cara dina milari rejeki kalebet nu haram.

Milari rejeki bari tetep tumut kana aturan Alloh tangtos Mantenna anu Maha Kagungan rejeki bakal langkung asih tur totomplokan masihan buktos kaasih-Na.

2. Perkawis amal.

Amal masing-masing jalmi mémang kanggo dirina séwang-séwangan, kalebet pahala sareng balukarna. Amal hiji jalmi moal dicandak ku batur, ogé moal ditambihan ku batur (kajabi dina kasus-kasus anu ditangtoskeun ku syar'i perkawis pahala jalmi anu  nganiaya batur, anu ngarampas hakna, anu nyarékan batur, ssjb. bakal dipasihkeun ka jalmi anu dipimaksad). Janten sadaya jalmi kedah getol midamel amal soléh supados anjeunna kagungan seueur pahala kanggo bekel ka ahérat.

3. Perkawis uninga Alloh teu weléh nalingakeun.

Ieu hartosna parantos dugi kana darajat *_Ihsan_*, nyaéta ngaraos tiasa ningal Alloh atanapi sahenteuna uninga Alloh ningal sanéskanten paripolahna, janten anjeunna ngaraos isin dipencrong nuju midamel kalepatan ku nu salami ieu diangken Pangéran, diibadahan, diperedih rido sareng asih-Na. Badé kumaha werat midamel kalepatan di payuneun paningal dzat anu diperedih rido sareng asih-Na.

4. Perkawis uninga ngeunaan ajal anu ngantosan.

Ajal mémang tara wawartos iraha sumpingna, jalaran kitu unggal waktos urang kedah getol ibadah ngempelkeun pahala saseueur-seueurna kanggo bekel di ahérat. Urang teu tiasa ngantosan sepuh nembé getol ibadah, margi ajal ngadodoho sadaya anu kumelendang di alam dunya. Urang sering nguping atanapi ningal anu pupus téh aya anu sepuh, anu anom, murangkalih, malah aya anu masih kénéh orok.

Wargi sadaya kaasih Alloh, hayu urang sasarengan ngeureuyeuh diajar unggal dinten langkung saé tibatan sateuacanna, diantawisna ku diajar zuhud. Mugia Mantenna rido kana sanéskanten tarékah urang dina enggoning ngudag kaasih-Na. Mugia urang kalebet jalmi anu soléh anu payus janten ahli sawarga-Na.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Diajar kana Zahudna Hasan Al- Bashri"

Post a Comment