RUPINING KASAÉAN SAUPAMI URANG MUNDUT PANGAPUNTEN KA ALLOH



*السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

*أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ*

*بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم*

*RUPINING KASAÉAN SAUPAMI URANG MUNDUT PANGAPUNTEN KA ALLOH*

Ku Ani Herliani

Urang minangka manusa teu tebih tina masalah, boh alit, boh ageung. Mémang ayana masalah téh tiasa mung ukur cocobi, tiasa ogé mangrupi musibah minangka panggeuing jalaran urang parantos midamel dosa. Nanging duanana ogé buktos kaasih Alloh ka urang, margi upami urang sabar tur tawekal mayunanana, urang bakal naék darajat di ahérat atanapi bakal dihapunten dosa. Kantenan saupami ku ayana masalah urang janten nyaliksik diri, rumaos kana kalepatan, tur nyuhunkeun pangapunten (tobat) ka Alloh, Mantenna bakal maparin rupi-rupi kasaéan.

Rupining kasaéan anu bakal katampi saupami urang tobat téh, nyaéta:

1. Rejeki
2. Kamulyaan
3. Pangapunten dosa
4. Sawarga

1. Tobat baris nyumpingkeun rejeki

Aya dina QS. Nuh ayat 10-12.

فَقُلْتُ اسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ ۗ اِنَّهٗ كَا نَ غَفَّارًا ۙ

*"Jadi Kuring nyarita (ka maranéhna), prak ménta pangampura ka Pangéran aranjeun, saéstuna Mantenna Maha Ngahampura."* (QS. Nuh ayat 10)

يُّرْسِلِ السَّمَآءَ عَلَيْكُمْ مِّدْرَارًا ۙ

*"Tangtu Mantenna bakal nurunkeun hujan gedé ti langit pikeun aranjeun."* (QS. Nuh ayat 11)

وَّيُمْدِدْكُمْ بِاَ مْوَا لٍ وَّبَنِيْنَ وَيَجْعَلْ لَّـكُمْ جَنّٰتٍ وَّيَجْعَلْ لَّـكُمْ اَنْهٰرًا ۗ

*"Jeung Mantenna nambahan harta jeung anak jadi loba pikeun aranjeun jeung ngayaan kebon-kebon pikeun aranjeun jeung ngayaan walungan-walungan pikeun aranjeun."* (QS. Nuh ayat 12)

Upami urang tobat, Alloh bakal nyumpingkeun rejeki anu diantawisna mangrupi hujan anu baris nyuburkeun pepelakan, nambihan harta banda sareng para putra, ngayaan kebon sareng walungan.

2. Tobat bakal nyumpingkeun kamulyaan

Alloh SWT midawuh anu mangrupi cariosan anu kedah dicarioskeun ku Rosululloh ka umatna,

بِمَا غَفَرَلِيْ رَبِّيْ وَجَعَلَنِيْ مِنَ الْمُكْرَمِيْنَ

*"Naon anu jadi sabab Pangéran kuring maparin pangampura ka kuring jeung kuring kaasup jalma-jalma anu geus dimulyakeun."*
(QS. Yasin ayat 27)

3. Baris nyumpingkeun pangapunten.

Dalilna sakantenan sareng nomor 4.

4. Baris janten jalan ka sawarga.

Alloh SWT midawuh,

*"Héy jalma-jalma anu ariman, prak geura tobat ka Alloh kalayan tobat anu sabenerna, mudah-mudahan Pangéran anjeun mupus kasalahan-kasalahan anjeun jeung ngasupkeun anjeun ka sawarga anu di handapeunana ngocor walungan-walungan, dina poéan basa Alloh henteu ngahinakeun Nabi jeung jalma-jalma anu ariman bareng jeung manéhna, jaba cahaya maranéhna nyorot ka hareupeun jeung ka beulah katuhueun maranéhna, bari maranéhna nyarita, "Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi kersa nyampurnakeun kanggo abdi sadaya cahaya abdi sadaya sareng mugi kersa ngahapunten abdi sadaya, saéstuna Anjeun Maha Kawasa kana sagala perkawis."* (QS. At Tahrim ayat 8)

Wargi sadaya kaasih Alloh, upami urang gaduh masalah taya sanés iwal urang kedah gura-giru nyaliksik diri boh bilih éta téh panggeuing ti Alloh kana kalepatan urang, saterasna urang nyuhunkeun dihapunten ku mayunkeun maos istigfar, nékadkeun moal midamel kalepatan deui, lajeng dipungkas ku netepan tobat 2 rokaat, insya Alloh rejeki bakal lancar, kamulyaan bakal kahontal, bakal dihapunten dosa, tur bakal lebet ka sawarga.

Perkawis maos istigfar tawis tobat atanapi mundut pangapunten Alloh, Rosululloh Muhammad SAW maos 70 kali dugi ka 100 kali sapertos anu kaunggel dina hadits anu diriwayatkeun ku Bukhori sareng ku Muslim. Anjeunna anu parantos dihapunten dosa nu kapengker sareng dosa kapayun jalaran soléhna, taatna, sareng istikomahna anu taya babandinganana, masih kénéh nyeueurkeun maos istigfar mundut dihapunten dosa, kantenan urang anu tacan karuhan bakal kumaha. Urang anu langkung peryogi ku maos istigfar tibatan Kangjeng Nabi. Urang anu kedah langkung seueur maos istigfar tibatan anjeunna. Hayu urang sami-sami getol maos istigfar. Upami teu kagungan alat paranti ngétangna, cekap ku réma. Usahakeun langkung seueur tibatan Rosululloh margi urang anu langkung peryogi tibatan anjeunna. Mugia Alloh rido ngahapunten sanéskanten kalepatan urang. Mugia Mantenna rido méréskeun sanéskanten masalah urang. Mugia Mantenna rido maparin kabagjaan dunya ahérat ka urang.

*آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن*

*وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RUPINING KASAÉAN SAUPAMI URANG MUNDUT PANGAPUNTEN KA ALLOH"

Post a Comment